B. Daerah

Pertanyaan

paribasa anu aya pakaitna jeng tata krama sunda

1 Jawaban

  • Paribasa anu pakait jeung tata krama Sunda nyaeta paribasa "datang katénjo tarang, undur katénjo punduk" anu hartina nyaeta tatakrama nu amit-amitan, némbongkeun yen taya geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh. Paribasa teh kaasup kana pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kekecapan atawa kalimah anu mibogo susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge.

    Pembahasan

    Kusabab pakeman basa teh nyaeta kekecapan atawa kalimah anu mibogo susunan anu geus maneuh, kukituna kekecapan atawa kecap nu aya dina pakeman basa atawa paribasa teh sabenerna mah teu meunang dirobah, saperti ditambah, dikurang atawa dilemeskeun/dikasarkeun.  

    Tapi dina kanyataanna dina paribasa "datang katénjo tarang, undur katénjo punduk" aya sababaraha versi. Versi lianna tina paribasa "datang katénjo tarang, undur katénjo punduk" nayeta saperti "undur katémbong punduk datang katémbong tarang" jeung "undur katingali punduk, datang katingali tarang".

    Pelajari lebih lanjut

    • Contoh pakeman basa brainly.co.id/tugas/1960498
    • Contoh paribasa Sunda brainly.co.id/tugas/2370812
    • Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/12436631

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Bab : 3

    Kode : 9.13.3

    Kata Kunci : Paribasa anu pakait jeung tata krama Sunda

Pertanyaan Lainnya