B. Daerah

Pertanyaan

Hartina lepri,hartina lesmen,hartinabekhen,haritina dropsot...dina badminton

1 Jawaban

  • Lepri, lesmen, bekhen, dropsot nyaeta istilah-istilah anu sok disebut ku urang Sunda dina olahraga badminton. Eta istilah teh sabenerna mah asalna tina basa Inggris anu ku urang Sunda sadenge-sadenge jadi diucapkeun saperti kitu. Naha bet disebut sadenge-sadenge?. Eta kecap-kecap teh aya dina rumpaka kawih anu judulna "Badminton" karangan Mang Koko.

    Sabab sabenerna mah kecap atawa istilah lepri teh asalna tina kecap basa Inggris nyaeta "referee" anu hartina nyaeta wasit. Kitu oge kecap lesmen asalna tina kecap "linesman" anu hartina nyaeta hakim garis. Kecap bekhen asalna tina kecap "back-hand" anu hartina nakol kok di gigir beulah kenca. Sedengkeun kecap dropsot nyaeta nakol kok anu siga rek tarik saperti smash tapi ngan saukur nakol kok lalaunan napi nyirorod ka handap.


    Belajar lebih banyak tentang "Kawih Badminton" dalam bahasa Sunda di :

    https://brainly.co.id/tugas/12787717

    https://brainly.co.id/tugas/12672222

    https://brainly.co.id/tugas/13170250


    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Kata Kunci : Kawih, badminton, urang Sunda

Pertanyaan Lainnya