B. Daerah

Pertanyaan

Panon poe hartina
Juru tulis hartina
Meja makan hartina
Korek api hartina
Hampang birit hatina
Kareta api hartina
Panjang leungeun hartina
Bentang pelajar hartina
Gede hulu hartina
Kumis ucing hartina

1 Jawaban

  • Kekecapan nu disebutkeun di luhur teh kaasup kana kecap kantetan. Kecap kantetan nyaeta kecap anu diwangun ku dua kecap anu bisa miboga harti anu sarua atawa harti anu padeukeut jeung kecap-kecap anu ngawangunna (disebut kecap kantetan endosentris), atawa bisa oge miboga harti anu beda pisan jeung unggal kecap anu ngawangun eta kecap kantetan (disebut kecap kantetan eksosentris).  

    Pembahasan

    Conto kecap kantetan endosentris nyaeta saperti hejo carulang, hideung santen, koneng umyang. Sedengkeun conto kecap kantetan eksosentris nyaeta saperti amis budi, kacapiring, dulang tinande. Kecap kantetan teh mangrupa wangun kecap. Aya sawatara wangun kecap nyaeta kecap asal, kecap kantetan, kecap rundayan jeung kecap rajekan. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta jawaban salengkepna:

    1. Panon poe hartina nyaeta bentang di pusat Tata Surya, dina basa Indonesia panon poe sarua jeung matahari  
    2. Juru tulis hartina nyaeta jalma nu miboga tugas nyieun catetan tulisa tinulis atawa sok disebut oge sekertaris
    3. Meja makan hartina nyaeta tempat nu biasana miboga opat suku anu digunakeun pikeun tempat dalahar jalma jalma  
    4. Korek api hartina nyaeta barang anu bisa ngahasilkeun / ngaluarkeun seuneu
    5. Hampang birit hatina nyaeta daekan atawa gampang dititah
    6. Kareta api hartina nyaeta tutumpakan umum nu jalanna ngagunakeun rel beusi
    7. Panjang leungeun hartina nyaeta hartina jalma nu sok puak paok
    8. Bentang pelajar hartina nyaeta jalma anu kapilih jadi pangpinterna di kelas, sakola, kota atawa provinsi
    9. Gede hulu hartina nyaeta sombong
    10. Kumis ucing hartina hartina tutuwuhan nu biasa digunakeun pikeun obat

    Pelajari lebih lanjut

    • Kecap kantetan jeung hartina https://brainly.co.id/tugas/5193190
    • Kecap kantetan jeung kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/10345039
    • Conto kecap kantetan endosentris jeung eksosentris https://brainly.co.id/tugas/5556685

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IV

    Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan

    Bab : 8

    Kode : 4.13.1

    Kata Kunci : Kecap kantetan

Pertanyaan Lainnya