B. Daerah

Pertanyaan

Jieun wawangsalan anu wangsalna parabola jeung persib

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa sisindiran. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Dina sastra Indonesia, sisindiran teh sarupa jeung pantun. Dina sastra Sunda oge aya anu disebut carita pantun. Tapi carita pantun dina sastra Sunda beda jeung sisindiran atawa pantun anu aya dina sastra Indonesia. Carita pantun anu aya dina sastra Sunda mah nyaeta karya sastra dina wangun puisi anu eusina mangrupa carita.

    Aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta carita pantun jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta sisindiran, guguritan, mantra, sajak jeung kawih. Jadi, sisindiran mah eusina henteu mangrupa carita, sedengkeun carita pantun mah eusina mangrupa carita. Balik deui kana wawangsalan, di handap ieu conto wawangsalan anu wagsalna parabola jeung persib :

    1. Wangsalna Parabola

    Piring gede luhur imah
    Ulah sok resep ngabala (wangsalna parabola)

    2. Wangsalna Persib

    Anu loba bobotohna
    yu urang enggal ka naib (wangsalna persib)

    Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Dina sisindiran aya anu disebut bagian cangkang jeung bagian eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi.

    Ditilik tina maksud atawa eusina, aya sisindiran anu eusina mangrupa papatah, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Conto sisindiran wawangsalan anu di luhur, anu kahiji nyaeta sisindiran wawangsalan anu eusina mangrupa papatah, sedengkeun anu kadua nyaeta sisindiran wawangsalan anu eusina mangrupa silihasih.

Pertanyaan Lainnya