B. Daerah

Pertanyaan

Sok dilandi si gungclo

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Bahasan Pakeman Basa
    Kelas : XI (2 SMA)
    Pembahasan :

    Si gungclo nyaeta lalandian anu biasana ditujukeun pikeun ka jalma anu karesepna kana lalajo pintonan, saperti lalajo wayang. Disebut si gungclo teh kusabab eta jalma teh biasana geus "nyongclo" diuk di panghareupna malahan smemeah eta pintonan ataw wayang teh der dimimitian.

    Lalandian atawa lalandihan nyaeta salahsahiji rupa gaya basa anu aya. Gaya basa Lalandihan nyaeta gaya basa anu ngebrehkeun hiji hal ku cara mere panglandi atawa make babandingan. Aya dua rupa gaya basa lalandian, nyaeta anu disebut lalandian pideudeuh jeung lalandian ocon.

    Anu dimaksud lalandian pideudeuh nyaeta dina ngalandina teh pedah mikalucu. Sedengkeun anu dimaksud lalandian ocon nyaeta dina ngalandina teh pikeun ngaheureuyan. Lalandian si gungclo kaasupna kana lalandian ocon. Conto lalandian pideudeuh nyaeta saperti Arjuna (lalaki anu kasep) atawa Srikandi (awewe anu wanian).

Pertanyaan Lainnya