eusi sisindiran mihape sisir jeung minyak. kade kaancloman leungeun
B. Daerah
miftah087
Pertanyaan
eusi sisindiran mihape sisir jeung minyak. kade kaancloman leungeun
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Sisindiran nyaeta salahsahiji rupa puisi Sunda. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa wangun puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan, jeung sajak.
Sisindiran umpama dina sastra Indonesia mah sarua jeung pantun. Tapi sisindiran beda jeung carita pantun anu disebutkeun di luhur. Umpama ditilik tina wangun kekecapannana, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik tina maksud atawa eusina, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran anu eusina mangrupa silih asih, jeung sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Di handap ieu conto sisindiran:
Mihape sisir jeung minyak
kade kaancloman leungeun
Mihape pikir jeung niat
kade kaangsonan deungeun
Dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sisindiran aya bagean anu disebut cangkang jeung aya bagean anu disebut eusi. Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang jeung padalisan kadua mangrupa eusi.
Umpama ditilik tina wangun kekecapannana, rarakitan jeung paparikan siga sarua. Anu ngabedakeun rarakitan jeung paparikan nyaeta yen dina rarakitan aya hiji atawa dua kecap dina padalisan kahiji jeung kadua anu diulang dina padalisan katilu jeung kaopat, sedengkeun dina paparikan teu aya kecap-kecap anu diulang saperti dina rarakitan. Umpama nilik kana conto sisindiran anu di luhur, eta sisindiran teh mangrupa sisindiran rarakitan.