Ditingali tina rumpaka pupujian d luhur,dumasar,kana eusina kaasup kana jenis?
B. Daerah
andhinipk
Pertanyaan
Ditingali tina rumpaka pupujian d luhur,dumasar,kana eusina kaasup kana jenis?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dumasar kana eusina pupujian bisa mangrupa muji ka Allah SWT, salam ka Nabi Muhammad SAW, pepeling pikeun sakabeh jalma, doa jeung tobat ka Gusti Allah atawa bisa oge mangrupa pangajaran agama Islam. Ditingali tina rumpakana pupujian nyaeta kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi.
Pembahasan
Nu ditanyakeun teh ngan soal no 5, 6 jeung 7 wungkul. Tapi sangkan jawabanana lengkep, di handap ieu nyaeta jawaban pikeun pananya no 1 nepi ka no 7:
- Pupujian nyaeta kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi nu eusina husus ngeunaan agama Islam nyaeta pikeun ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT. Eusi pupujian bisa mangrupa muji ka Allah SWT, salam ka Nabi Muhammad SAW, pepeling pikeun sakabeh jalma, doa jeung tobat ka Gusti Allah atawa pangajaran agama Islam.
- Wangun pupujian saluyu jeung wangun puisi melayu nyaeta sa'ir anu kapangarujan tina sastra Arab. Wangun pupujian umumna rek siga sisindiran, saperti dina sapadana diwangun ku opat padalisan dina sapadalisanna diwangun ku dalapan engang. Tapi, henteu sakabeh pupujian miboga wangun saperti sisindiran, aya oge anu bebas.
- Pupujian biasa dihaleuangkeun di tempat pangajian, pasantren, majelis, jeung sajabana ti eta.
- Pupuian biasa dihaleuangkeun dina waktu nunggu atawa sanggeus beres shalat berjamaah, ngaji, diajar pangajaran Islam jeung sajabana ti eta.
- Rumpaka pupujian eta kaasup kana jenis muji ka Gusti Allah SWT
- Rumpaka pupujian eta kaasup kana jenis solawat ka kanjeng nabi Muhammad SAW
- Rumpaka pupujian eta kaasup kana jenis do'a jeng tobat ka pangeran
Pelajari lebih lanjut
- Naon anu dimaksud pupujian teh https://brainly.co.id/tugas/12851857
- Conto judul pupujian https://brainly.co.id/tugas/6236234
- Bedana pupujian jeung sajak https://brainly.co.id/tugas/14375844
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Pupujian
Bab : 7
Kode : 7.13.7
Kata Kunci : Ditingali tina rumpakana pupujian